Judul carpon : Kanyaah
Judul buku : Kanyaah Kolot
Pangarang : Karna Yudibrata
Panerbit : Kiblat Buku Utama
Taun terbit : April 2014, citakan kahiji
Kaca : 114, kandelna 0,6cm
Harga : Rp25.000,-
ISBN : 978-979-8003-05-9

Buku Kanyaah Kolot téh eusina aya 8 carpon. Tapi simkuring rék medalkeun résénsi ukur carpon nu katujuh wungkul, nya éta anu judulna Kanyaah.

Carpon "Kanyaah" téh eusina nyaritakeun kahirupan Kuring jeung kulawargana. Dunyana anu cukul ku kasusah, sangsara, jeung tunggara. Hésé dahar najan di lemah cai sorangan anu sabenerna sugih ku bahan kadaharan jeung rambay alaeun. Nepika ngadaharan kentang wungkul siga jaman panjajahan kusabab kapaksa ku kaayaan.

Tokoh Kuring dipikawanoh getol pisan kana digawé jeung usahana. Beurang peuting soson-soson hayang bisa ngipayahan anak sarta pamajikanna. Anjeunna miboga opat anak ti pamajikanna nya éta Asih. Anjeunna geus lila gawé di pamaréntahan, tapi beuki dieu téh beuki hésé pangala nepika sok tara kaharti naék pangkat aya tilu kalina téh palebah mana bédana. Najan sakumaha beuratna, Si Kuring acan kungsi leungit harepan kusabab nyaah ka kulawargana. Pamajikanna anu ngahartikeun pisan kana kaayaan salakina méré sumanget nu gedé pisan pangaruhna.

Teu lila, budak nu leutikna gering. Poé ka poé beuki parna geringna da teu geuwat dibawa ka mantri lantaran bangbalu ekonomi téa. Pamajikanna watireun pisan ka salakina nu geus soson-soson gawé beurang peuting tapi teu metu kana hasil. Asih nyaah pisan ka budakna téh. Bakat ku teu kuat nempo, Asih ngageroan mantri ka imahna keur mariksa budakna anu geus lila gering parna. Tapi kusabab teu boga duit, Jasa Si Mantri téh ditukeuran jeung kahormatan Si Asih. Tungtungna Si Kuring teu narima, kuciwa jeung nyeri haté ka pamajikanna sabada pamajikanna nyarita yén anjeunna mikeun harga dirina ka mantri ogé kapokoh rasa nyaah anjeunna ka budakna. Tapi sagala alesan Asih teu diwaro ku salakina, nu ahirna pepegatan.


Kapinunjulan :
Nu jadi pinunjul dina ieu carpon nya éta tina eusi carita jeung pesen nu ditepikeunana. Pesenna téh jero pisan, hadé goréngna katempo. Caritana luyu jeung kahirupan sapopoé di masarakat sarta ngabuktikeun yén kanyaah ti kolot mah euweuh tungtungna, watesna, jeung kolot mah daék ngusahakeun kumaha baé ukur keur kahadéan anakna.

Kalemahan :
Carpon ieu téh dijieun taun 60-an, tuluy lamun dibaca dijaman kiwari téh jadi tangtangan anu nyorang keur anu maca. Kusabab loba kekecapan anu rada hésé dipikaharti ku barudak jaman ayeuna, nya éta kecap-kecap baheula anu masih asing dina ceuli urang. Tah éta nu kaasup kana salah hiji kalemahan carpon ieu téh.

No comments: