Gamelan Degung Sunda

Jaman kiwari, barudak atawa rumaja di Jawa Barat henteu loba anu surti ngeunaan gamelan degung, ayeuna mah ngan sakur apal atawa wanoh kana ngaran jeung rupana hungkul. Barudak jaman kiwari mah leuwih apal kana waditra barat atawa disebut musik pop. Sabab waditra barat dianggapna leuwih modern tibatan waditra tradisonal samodél gamelan degung anu dianggap geus kuno atawa tinggaleun jaman.

Src: Gamelan Degung Cianjur

Wangenan Degung

Istilah degung miboga dua harti:
1)  Degung nyaéta waditra sajinis gamelan anu dipaké ku masarakat sunda, disebut gamelan degung. Ieu gamelan miboga karakteristik anu béda jeung gamelan pélog atawa saléndro, boh pikeun ngamaénkeunana, atawa tina konteks sosialna;
2)  Degung nyaéta ngaran laras (tangga nada) anu mangrupa bagéan tina laras saléndro numutkeun tiori R. Machjar Angga Koesoemahdinata. Dina éta tiori disebutkeun yén laras degung téh tina degung dwiswara (nada mi (2) jeung la (5) jeung degung triswara (nada da (1), na (3) jeung ti (4)). Ku sabab kitu, degung mangrupa sora musik anu has jeung kaasup identitas masarakat Sunda. Dipatalikeun jeung kecap degung asalna tina kecap 'ngadeg' (nangtung) jeung 'agung' atawa pangagung (menak, bangsawan) anu miboga harti yén fungsi kasenian gamelan degung baheula mah pikeun kaagungan martabat bangsawan. Numutkeun E. Sutisna, salah saurang nayaga (panabeuh) grup degung Parahyangan, nyebutkeun yén Gamelan Degung baheulana ngan saukur dipiboga ku para pangagung atawa bupati. (Wigiarti, 2016: 12)

Gamelan degung mangrupa kumpulan waditra nu cara maénna nyaéta ditakol. Ieu waditra kudu pisan dimekarkeun deui. Gamelan degung mimiti aya ti jaman karajaan nu fungsina pikeun pangjajap atawa sambutan para dalem atawa bangsawan. Ku kituna ieu waditra di jaman baheula mah katelah hadéna jeung dipikaresep ku para bangsawan Sunda. Gamelan Degung kudu di mekarkeun deui di generasi budak ngora hususna daérah Jawa Barat. Sabab upamana ieu waditra teu dimekarkeun jeung teu diwanohkeun deui ka generasi-generasi tangtu gamelan degung bakal leungit ku parobahan jaman sabab kageser ku waditra Barat anu beuki dieu beuki géroh di Indonesia, kaasup di wilayah pasundan.

Degung mangrupa waditra takol (instrument pukul) anu kawangun ku 6 (genep) siki goong leutik. Biasana mah digantungkeun dina gantungan anu disebut ancak. Ieu waditra kagolong kana gamelan anu disebut gamelan degung. Dina basa sunda aya kekecapan anu tungtungna na téh “gung”, hartina martabat anu luhur jeung dipikahormat, contona pangagung, agung, tumenggung. Jadi, kecap degung méré gambaran pikeun urang Sunda nyaéta salah sahiji hal anu agung jeung dipikahormat sarta dipikaresep ku nu agung. Kira-kira taun 1920-an, gamelan degung dipikaresep pisan ku para pajabat, saperti bupati Bandung harita nyaéta R.A.A Wiranatakusumah V.

Timana asalna gamelan Degung can aya katerangan anu jelas, mimitina susunan gamelan degung sederhana pisan, sabab teu maké suling, kendang, jeung peking. Tapi, nalika Abah Idi anu salaku lurah nayaga Pendopo Kabupaten Bandung anu biasa nabeuh di grup Parahyangan, jeung kusabab ayana saran ti R.A.A Wiranatakusuma, tidinya waditra gamelan degung mulai dilengkepan maké suling, kendang, jeung peking. Taun 1956, BRI Studio Bandung nyiarkeun acara gamelan degung kalayan konsisten, anu dipimpin ku Bapak Entjar Tjarmedi.

Fungsi gamelan degung di jaman kiwari geus ngiser tina fungsina baheula, nyaéta pikeun media hiburan atawa sambutan tina upacara-upacara adat di Sunda saperti upacara adat nikahan, upacara sunatan, upacara sambutan tamu, sarta pikeun mirig tari. (Tjarmedi jeung Suparman: 1-2) Numutkeun Atik Soepandi, tina tulisanna ngeunaan kamekaran seni degung di Jawa Barat, yén gamelan degung nyaéta istilah anu béda jeung goong rénténg. Bédana lagu goong rénténg mah lolobana kapangih di lingkungan masarakat patani (rahayat), lamun gamelan degung mah kapanggihna di lingkungan bangsawan (Wigiarti, 2016: 12). Bisa katempo tidinya yén baheula mah aya kelas atawa pasing-pasing tingkatan kasenian dumasar pakasaban jeung darajat jalma.


Kamekaran Degung

Degung mangrupa salah sahiji gamelan asli sarta kreativitas masarakat Sunda. Gamelan, nu ayeuna geus bisa dipanggihan dimana waé, mimiti mekar kira-kira kurang leuwih abad ka-18 atawa mimiti abad ka-19. Masarakat Sunda anu asalna ti karajaan nu deukeut walungan, contona Karajaan Galuh, boga pangaruh sorangan kana seni gamelan, hususna tembang. Lagu gamelanna loba mawa téma kaayaan walungan, contona, Ka Manintin, Galatik Mangut, Kintel Buluk, sarta Sang Bango. Watek masarakat sunda anu sok maké gamelan rénténg tuluy mekar ka gamelan degung.

Saméméhna waditra (instrumén) gamelan degung ngan ngawengku koromong (bonang) 13 penclon, cemprés (saron panjang) 11 wilah, gamelan (jenglong) 6 penclon, jeung goong hiji. Kadieuna beuki nambahan deui waditra luyu jeung tantangan musik sarta kabutuhan, ditambahan drum jeung suling ku Bapa Idi. Gamelan degung kabupaten Bandung, jeung seni lianna dipaké salaku musik gending karesmén (opera Sunda) Loetoeng Kasaroeng tanggal 18 Juni, 1921 pikeun mapag Cultuurcongres Java Institute.

Baheula, taun 1918 Rd. Soerawidjaja ogé geus nyiptakeun karesmén musik jeung musik degung, nu dipintonkeun di Medan. 1926 degung dipaké pikeun ilustrasi film anu mimiti aya di Indonésia, judulna Loetoeng Kasaroeng ku L Heuveldrop G. jeung produksi G. Karya lianna make degung salaku musik gending karesmén Mundinglaya Dikusumah ku M. Idris Sastraprawira jeung Rd. Djajaatmadja di Purwakarta taun 1931. Sabada Bapa Idi ngantunkeun (1945), kamekaran gamelan degung jadi ngurangan. Komo deui sabada éta revolusi fisik nyieun kasusah jang masarakat. Sanajan kitu, taun 1954 gamelan mimiti soson-soson dimekarkeun ku Bapak Moh. Tarya, Ono Sukarna, sarta E. Tjarmedi. Salian maké lagu nu geus aya, aranjeunna nyieun lagu anyar nyokot lagu tina tema lagu saméméhna.

Taun 1956, gamelan mimiti disiarkeun kalawan rutin di RRI Bandung sarta meunang réspon positif ti masarakat. 1956, Enoch Atmadibrata nyieun tari "cendrawasih" jeung dipirig musik gamelan maké lagu Palwa. Tuluy unggal poéna sora gamelan Palwa dipaké keur bubuka dina unggal warta Basa Sunda di RRI Bandung, ku kituna bisa mawa kesan tur mawa suasana anu has keur urang Sunda. Kamekaran lagu degung dituluykeun ku Grup Parahyangan pimpinan E. Tjarmedi dina taun 1958. salajengna E. Tjarmedi jeung Rahmat Sukmasaputra, nyobaan maké lagu degung alit (sawilet) tina patokan gamelan saléndro jeung pélog.

Kudu diaku yén ayeuna gamelan geus dipikawanoh ku masarakat dunya sarta kaayaanana henteu ngan di Indonésia hungkul, tapi geus di sawatara nagara. Loba nagara di beulahan bumi séjén nu boga institusi nu méré pelatihan gamelan, kaasup gamelan degung. Royal School pikeun Tuna Rungu salah sahijina. Gamelan di sakola dipaké salaku hiji pacuan pikeun siswa anu gangguan komunikasi. Ieu hal lantaran résonansi anu dihasilkeun gamelan téh leuwih gedé tibatan instrumén waditra nu séjénna, jadi résonansi éta cocok pikeun ngarangsang sensitifitas kana sora.

Di luar negeri kamekaran gamelan degung téh nyaéta ku paguron luhur jeung sababaraha musisi, misalna di Lingkungan Seni Sunda University of California (Santa Cruz, USA), musisi Lou Harrison (US) jeung Rachel Swindell sarta mahasiswa séjénna di London Inggris, Paragunan (Jepang) Evergreen, John Sidal (Kanada). Di Melbourne, Australia, aya saparangkat gamelan degung, éta waditra nu Universitas Melbourne, biasa dipaké ku komunitas pecinta musik sunda keur diajar  jang dipintonkeun dina festival. Di Perancis, urang bisa manggihan gamelan di Stan le Désa Javanais atawa kampung Jawa. Ayana na gamelan mawa pangaruh gedé kana musik Barat. Di Perancis, gamelan mimiti diwanohkeun taun 1889, nyaéta dina poé milangkala ka-100 taun Revolusi Perancis. Tuluy Gamelan ogé mawa perhatian masarakat dunya dina paméran jeung peresmian tina Tower Eiffel taun éta. Rupa-rupa pangaruh gamelan geus nyebar di Perancis. Gamelan di ieu nagara dipaké minangka sarana terapi jiwa di sababaraha panjara. Salian ti éta, pianis legendaris teu leupas tina pangaruh gamelan. Hal ieu bisa ditempo dina sababaraha bukuna, judulna Claude Debussy: “Javanese music is based on a type of counterpoint by comparison with which that of Palestrina is child’s play“-Claude Debussy "And if one listens,without European prejudice,to the charm of their percussion… …. one must confess that ours is only a country fair racket“-Claude Debussy. (Sagala rupa Sumber)


Daftar Pustaka:

Tjarmedi jeung Sukmasaputra. (1995). Penuntun Pelajaran Degung. Bandung: CV Satu Nusa.
Wigiarti Lea. (2016). Tugas Kesenian Gamelan Degung. https//www.scribd.com/document/317136353/Tugas-KesenianGamelan-Degung (di apungkeun ping 30 Juni 2016 [PDF]).

Terkait-
gamelan, gamelan degung, gamelan sunda, alat musik, musik gamelan, kasundaan, gamelan has sunda, gamelan degung sunda, sunda degung, laras degung, salendro, pelog, waditra, musik sunda, kasenian sunda.

No comments: