Waditra Tradisional Degung Sunda

Bonang Degung


Istilah waditra hususna dina degung jeung umumna dina karawitan sunda nyaéta istilah anu dipaké keur nunjukeun alat-alat nu dipaké dina kagiatan kasenian. Istilah dina musik intrument. (Kubarsah, 2005: 101)

1. Bonang

Bonang, nyaéta waditra nu aya penclonan, dijieun tina bahan logam perunggu nu dipaénkeun ku cara di takol. Wanda waditra bonang méh sarua siga goong, ngan ukuran penclon bonang leuwih leutik deui tibatan goong. Bonang asalna tina kecap bo = bobo atawa sare, nang = benang. Lamun ditilik ku cara pamasanganana, penclon-penclon bonang ditunda di luhur rénténgan benang-benang. Kukituna, unggal penclon bonang ditunda siga anu keur saré (ditangkubkeun) diluhureun benang-benang. Kitu deui siga kaayana mimiti, ngan dina kaayaan ayeuna benang-benang éta diganti ku tali-tali nu dijieun tina kaén atawa plastik.

a) Bahan jeung Rancang Bangun

1) Penclon Bonang  Penclon bonang nu jadi sumber sora dijieun tina bahan logam perunggu atawa beusi. Bonang anu alus dijieun tina logam perunggu. Ngaran-ngaran bonang sarua jeung ngaran-ngaran babagian tina goong.
2) Ancak Bonang Ancak atawa limahan bonang dijieun tina awijeung benangbenang. Iimahan dijeun sakumaha rupa nepika penclon-penclon bonang bisa ditempatkeun luyu jeung kaayaan. Penclon-penclon diteundeun dina rentengan benang.

b) Ngaran-ngaran Bagian Bonang

1. Soko nyaeta awi nu miboga fungsi jadi suku panahan waditra.
2. Benang tali nyaeta tali-tali nu biboga punggi panahan penclon.
3. Papalayu nyaeta bagian tina hareup jeung tukang waditra.
4. Pongpok nyaeta tungtung pangkalna ancak.
5. Palipid nyaeta bilahan awi di luhur pongpok, keur panghalang penclon-penclon.

c) Cara Maénkeunana

Pikeun maenkeun bonang, digunakeun alat panakol nu dijieun tina awi nu dibuleudkeun jeung di bungkus ku kaen anu dililit ku benang-benang. Kadua alat takol eta dicekel ku leungeun kenca jeung katuhu. Alat takol di tabeuhkeun dina bagian tengah penclon bonang, keur meunangkeun sora nu gancang. d) Struktur jeung Fungsi Lobana penclon dina alat musik bonang biasana 14 nepika 16 siki, di mimitian ku nada 1 (da) nepika nada pangluhurna 1 (da) pangrendahna aya 3 oktaf.Ieu penclon-penclon di susun dina luhureun panyangga, kucara nempatkeun penclon anu leutik (nada pangluhurna) dijuru sabeulah katuhu pamaén, ngentep seureuh nepika penclon panggedéna (nada handap) di juru sabeulah kénca. Ieu hal disaluyukeun jeung runtuyan laras (tangga nada) degung. Bonang miboga fungsi jadi mélodi pokok nu mangrupa indung tina sakabéh alat musik séjénna. Pangkat (intro) lagu degung dimimitian ku ieu waditra. (Kubarsah, 2005, h. 89).

2. Jengglong

Jengglong nyaéta waditra aya penclonan nu dijieun tina perunggu, kuningan atawa beusi nu diameterna 30-40 cm. Dina salahsahiji ancak atawa kakanco aya 6 kromong. Penclon dina alat musik jumlahna aya 6 siki nu aya tina nada 5 (la) nepika 5 (la) di handapna (1 oktaf) ku wilayah nada nu leuwih handap tina bonang. Penclon-penclon digantungkeun dina panahan nu wangunna tihang jeung gantungan. Jenglong miboga fungsi jadi balungganinggendring (bass, panyangga lagu) nyaéta pikeun negeskeun melodi bonang, (Kubarsah, 2005: 93). 

3. Saron

Saron nyaéta waditra nu cara maénkeunna téh ditakol, ngawengku 7 atawa 14 bilah nu dijieun tina bahan logam perunggu, cara nakolna téh tangtuna waé ngagunakeun alat takol. Saron nyaéta jenis waditra nu kaasup kana perangkat gamelan. Kecap Saron nyaéta metatesis (pagantina hurup hirup jeung hurup paéh) tina kecap saron nu miboga harti sora nu kenceng atawa bedas (Basa Jawa Tengah). Jadi, saron nyaéta waditra nu sorana bedas. a) Nakol Bilah Saron Pikeun nyadakeun nada-nada saron di gunakeun panakol nu disebut panakol saron. Panakol saron dijieun tina bahan kayu nu bentukna mirip pisanjeung palu. Panakol saron dicekel ku leungeun katuhu.  b) Nengkep (Neken Bilah Nada) Nengkep nyaéta neken bilah-bilah saron, sangkan nada nu ditakol teu lila teuing ngageter. Neken bilah saron ngagunakeun ramo tengah beulah kenca. c) Struktur jeung Fungsi Jumlah wilahan dina cecempres nyaéta 14 siki, disusun di luhur panyangga nu dimimitian  nada 2 (mi) pangluhurna di ujung beulah katuhu pamaen, nepi ka nada 5 (la) panghandapna diujung beulah kenca pamaen.Cecempres tugasna pikeun rithem (patokan nada) nu negeskeun melodi Bonang, nu ditakol ku pola nu konstan. Jumlah wilahan dina peking sarua jeung cecempres, tapi nada-nada peking boga ambitus (wilayah nada) nu leuwih luhur tibatan cecempres (biasana antara sakempyung: kira-kira 1 kwint nepi ka saoktaf). Tugas peking béda jeung cecemprés, nyaéta salaku pamirig mélodi. Nalika jenglong jeung cecempres ditakol tandak (konstan nurutkeun ketukan), peking bakal leuwih katingali improvisasi, peking biasa disebut ogé pamanis dina lagu (Kubarsah, 2005, h. 85).

4. Suling

Suling nyaéta jenis waditra nu dipaénkeun ku cara ditiup. Suling dijieun tina awi nu dibolongan. Suling digunakeun pikeun mawakeun mélodi lagu, atawa mirig vokal (tembang jeung kawih) atawa pikeun dipaénkeun ku sorangan. 

a) Bahan jeung Rancang Bangun

Jenis awinu alus dijadikeun suling nyaéta awi tamiang nu umurna geus kolot. Pikeun milih bahan suling nu alus (cara tradisional), nyaéta awi nu geus kolot dikeeum di wahangan salila saminggu, tuluy diteundeun dina tempat nu panas. Lamun éta awi téh teu rusak berarti awi éta kualitasna alus, tuluy éta awi dipotong nurutkeun aturan nu diperlukeun. Misalna pikeun suling tembang Sunda Cianjuran antara 60 nepi ka 68 cm. Saterusna awi dibolongan sangkan bisa di tiup jeung nu pamungkas nyaéta nyieun liang nada.

b) Cara Niup Suling

Umumna cara niup suling kabagi kana 3 cara, nyaétaniup ku cara lalaunan atawa lembut pikeun nyadakeun nada-nada rendah. Niup sedeng pikeun nyadakeun nada-nada nu sedeng. Niup keras pikeun nyadakeun nada-nada nu luhur.

c) Nutup Liang

Pikeun suling nu bolongna genep, diperlukeun genep ramo nyaéta 3 ramo leungeun kenca pikeun diteundeun dina bagian bolong suling luhur, jeung 3 ramo leungeun katuhu diteundeun dina bagian liang sorahandap.Ka genep ramo leungeun téh digunakeun pikeun nutup jeung muka sakabeh liang sora suling.

d) Ngaran-ngaran

Bagian Suling Sirah Suling. Sumber nyaéta iket sirah nu nutupan jeung ngabentuk liang tiup. Awak nyaéta batang suling. Liang sora nyaéta liang-liang nu ditutupan ku ramo. Congo nyaéta ujung tina batang suling (Kubarsah, 2005: 38).

5. Kendang

Kendang nyaéta jenis waditra nu dijieun tina kayu jeung kulit, nu dipaenkeun ku cara di tepuk. Fungsina pikeun ngatur irama lagu. Kendang kaasup kana perangkat gamelan. Dumasar kana ukuranna aya 3 jenis waditra gendang Sunda, nyaéta : 1) Kendang Gede, dipaké dina gendang Penca nu gunana pikeun mirig pencak silat.  2) Kendang Gending atau sedeng, biasa dipaké dina pintonan wayang, kacapian jeung sajabana.  3) Kulanter nyaéta gendang nuukuranna leutik. Ieu gendang pungsina pikeun nambahanvariasi tabeuhan gendang sedeng, sabab dina nabeuhna kulanter téh teu leupas tina kendang sedeng.

a) Bahan jeung Rancang Bangun

Awak kendang -> salaku résonator dijieun tina bahan kayu nu ngarana Kuluwung.
Bem Kendang -> nyaéta bagian liang gedé nu ditutupan lambaran kulit nu posisina dibagian handap, sedengkeun bidang kulit leutik disebut Kempyang nu aya diluhur kendang.
Wangkis -> nyaéta panutup liang kuluwung nu dijieun tina kulit sasatoan. Wangkis téh jadi sumber sora.
Rarawat -> nyaéta tali nu dijieunna tina rotan atawa kulit jangat pikeun menegangkan wangkis. Rarawat sok disebut siki bonteng atawa wijen.
Tali rawir -> nyaéta tali nu dijieun tina rotan atawa jangat pikeun nutupan biwir wangkis.
Wengku -> nyaéta buleudan rotan atawa awi nu dipasang di tungtung sisi kendang pikeun ngagulung wangkis. Anting-anting nu dijieun tina bahan logam (beusi atawa perunggu) nu bentukna cingcin pikeun ngaitkeun tali kendang.
Nawa -> nyaéta liang hawa dina bagian awak kendang, tempat kaluarna hawa.
Rehal -> nyaéta standar kendang (ancak).
Simpay -> nyaéta cingcing tina kulit jangat pikeun mageuhan atawa ngenduran tali rarawat.

b) Cara Maénkeunana

Waditra gendang nu gede, di teundeun ku cara di sarékeun dina luhur rehal. Gendang leutik diteundeun di gigireun kenca atawa katuhu gendang nu gede. Cara maénkeunana gandang nyaéta ku cara di tepak ku dua dampal leungeun. Dampal leungeun sabeulah kenca miboga fungsi pikeun nepak bagean Bem, sedengkeun dampal leungeun katuhu nepak bagean. Sora-sora gendang di sadakeun ku cara : bagean-bagean Bem gendang diteken ku bunderan suku, pikeun ngahasilkeun rupa-rupa variasi sora teknik nakolna dilakukeun ku dampal leungeun jeung alat panakol gendang (Kubarsah, 2005, h. 72).

6. Goong

Goong nyaéta jenis waditra pukul nu ber-penclon, dijieun tina bahan logam perunggu. Disadakeun ku cara dipukul ku alat nu bisa ngahasilkeun sora. Sora goong fungsina pikeun panutup satiap ahir lagu. Ukuran goong téh panggedena lamun dibandingkeun jeung waditra sejen anu ber-penclon, saperti bonang, kenong, jenglong, jeung sajabana.

a) Bahan jeung Rancang Bangun

Goong Gantung ngawengku goong jeung tali nu ngagantungkeunna nu disebut kakanco. Goong wangunna buleud lonjong, aya penclonan, nu dijieun tina perunggu. Ukuran diameterna antara 90-105cm.

b) Ngaran-ngaran bagian Goong

1. Penclon, nyaéta hulu goong nu aya di tengah-tengah (titik pusat).
2. Raray, nyaéta beunget goong.
3. Manis raray, nyaéta bagian nu méré kaéndahan dina goong nu ngurilingan raray. 
4. Taktak, nyaéta bagéan nu ngurilingan manis raray salaku panguat awak.
5. Awak goong nu jangkungna antara 8-12 cm.
6. Lalambé, nyaéta biwir goong nu aya dihandap goong.

c) Cara Maénkeunana

Goong Gantung nu ditakol ku alat talu, ditakolna ka gigir. Alat panakol goong bentukna buleud dina bagian sirahna, dibungkus ku kaén. Éta alat téh dicekelan ku leungeun katuhu. Saenggeus kitu ditakolkeun kana penclong goong. Pikeun mondokan sora supaya teu panjang teuing, leungeun kenca dipaké pikeun nahan bagian tukang penclon.

d) Struktur jeung Fungsi

Goong miboga 2 penclon, nyaeta kempul (goong leutik) jeung goong (goong gedé) digantungkeun ku tali sacara pahareup-hareup dina ancakna. Kempul ayana di sabeulah kénca jeung gooang ayana di beulah katuhu. Ambitus nada goong handap pisan. Miboga fungsi jadi pangatur wiletan (birama) atawa jadi tanda ahir periode mélodi jeung panutup kalimah lagu. Saperti halna peking, waditra kendang jeung suling ogé mangrupa tambahan. Mimitina kendang dipaénkeun saperti dina lagu-lagu laras pélog/saléndro, ngan saukur jadi panyangga ketukan hungkul saperti dina oerkestra barat. Ngan maénkeun kendang dina lagu-lagu degung ayeuna leuwih pareatif, kitu oge dina maénkeun suling. Sangkilang ku timbre (warna sora) nu béda , ngan cicingna dina kaayaan anu sarua siga vocal (Kubarsah, 2005: 94).

Daftar Pustaka:

Envi Saplina. 2015. Repository Widyatama, Bab 2 Landasan Teori.

Terkait-
gamelan, gamelan degung, gamelan sunda, alat musik, musik gamelan, kasundaan, gamelan has sunda, gamelan degung sunda, sunda degung, laras degung, salendro, pelog, waditra, musik sunda, kasenian sunda.

No comments: