Sumber : Tribunnews.com

Judul Carpon : Bobotoh
Dina Buku : Céntangbarang
Pangarang : Asikin Hidayat

Carpon Bobotoh eusina nyaritakeun ngeunaan hiji pamuda anu ngaranna nyaéta Bento. Anjeunna lain urang Bandung asli. Sanajan lain urang Bandung, Bento téh bobotoh sajati. Anjeunna fanatik pisan ka Persib Bandung nepika lamun ieu tim maen bal nu dipikaresepna tanding, boh adu persahabatan boh dina laga turnamen atawa liga, anjeunna pasti datang ka stadion pikeun ngarojong jeung méré sumanget ka para pamaén Persib Bandung salaku suporter. Anjeunna maju panghareupna pikeun ngarojong Persib maén téh.

Hiji mangsa, anjeunna rék lalajo Persib maén. Basa moro ka stadion, Bento teu indit sorangan waé, tapi lobaan ngabring jeung babaturanana nu sarua para Bobotoh. Nalika dijalan keur ka stadionkeun, teu sangka yén Bento papisah jeung rombonganana. Anjeunna geus kuar-kuir lieureun néangan babaturanna. Nepika ahirna pasrah, mikir hulang-huleng kumaha carana sangkan bisa ka stadion. Teu lila, anjeunna nanya ka jalma nu aya dideukeutna ngeunaan jalan keur ka stadion. Sihoreng mah ka stadion téh jauh kénéh, nu jauhna téh sarua jeung lamun balik deui ka imahna. Hartina Bento téh aya di tengah-tengah, lamun ka stadion jauh kénéh, lamun balik deui ge da sarua jauh. Tungtungna Bento balik deui ka lemburna, teu tulus lalajo Persib maén lantaran papisah jeung rombonganna. Padahal mah anjeunna geus sumanget pisan moro stadion téh ti harita kénéh geus ngawanti-wanti rék nyumangetan Persib maeén téh, tapi lantaran éta hal nu ahirna Bento teu lalajo Persib bari mawa handeueul jeung hanjakal, katambah rasa heneg kapegung.

No comments: