6 ISTILAH DINA PANGAJARAN 



1. Pamarekan Pangajaran
2. Stratégi Pangajaran
3. Métodeu Pangajaran
4. Téhnik Pangajaran
5. Taktik Pangajaran
6. Modél Pangajaran

1. PAMAREKAN

Pamarekan pangajaran nyaéta pakem atawa patokan guru dina prosés lumangsungna pangajaran. Sipatna umum anu ngawadahan, nyababkeun atawa ngalantarankeun, tur jadi asal-usul borjolna stratégi, métode, téhnik, jeung modél pangajaran dumasar kana lingkup téori anu aya. Pamarekan pangajaran bisa dibagi jadi dua rupa, nyaéta:
a. Pamarekan pangajaran nu museur ka siswa (student centered approach)
b. Pamarekan pangajaran nu museur ka guru (teacher centered approach)

 

2. STRATÉGI

Stratégi pangajaran nyaéta rarancang atawa konsep anu dijieun pikeun ngaronjatkeun, ngahasilkeun, jeung ngahontal hiji udagan anu baris dilarapkeun ngaliwatan cara anu tangtu (métode). Stratégi disebut ogé rarancang atawa konsép pikeun ngahontal hiji hal. Dumasar cara nyuguhkeunana, aya dua stratégi nyaéta induktif jeung déduktif. Numutkeun Rowntree (Wina Senjaya, 2008) nétélakeun yén stratégi pangajaran aya dua nyaéta:
a. Stratégi exposition-discovery learning
b. Stratégi group-individual learning
Aya ogé dua stratégi lianna,nyaéta:
a. Stratégi ekspositori
b. Stratégi inkuiri

 

3. MÉTODEU

Métodeu pangajaran nyaéta cara anu dipaké nalika ngalarapkeun rarancang nu geus disiapkeun keur ngalaksanakeun prosés ngajar pikeun ngahontal udagan pangajaran. Singgetna nyaéta, métodeu pangajaran mangrupa cara pikeun ngalarapkeun stratégi pangajaran. Métodeu disebut ogé cara atawa jalan pikeun ngahontal hiji hal. Métodeu pangajaran nu bisa dipaké diantarana:
a. Métode ceramah
b. Métode demonstrasi
c. Métode diskusi
d. Métode simulasi
e. Métode laboratorium
f. Métode pangalaman lapangan
g. Métode brainstorming
h. Métode debat
i. Métode simposium

 

4. TÉHNIK

Téhnik pangajaran nyaéta cara anu dipaképikeun ngalarapkeun métode pangajaran kalawan spesifik. Métode ceramah jeung diskusi miboga pola téhnik anu béda, kitu deui métode lianna anu miboga téhnik husus dina prosés ngalarapkeunana. Hiji métode bisa diwangun ku sababaraha téhnik. Conto: Téhnik pangajaran maké métode diskusi dibédakeun nalika di kelas aya anu siswana aktif jeung aya anu siswana pasif. Salasahiji téhnikna bisa ngagundukeun atawa nyampur siswa anu aktif jeung anu pasif sangkan bisa saimbang dina prosés diskusi.

 

5. TAKTIK

Taktik pangajaran nyaéta gaya anu dipakénalika ngalarapkeun métode pangajaran. Lamun téhnik mah carana, taktik mah gayana. Téhnik bisa waé sarua antara hiji jeung pangajar lianna, sedengkeun gaya gumantung kana pribadi atawa sipat nu mawakeunana. Conto: Guru ngajar maké métode ceramah. Nalika keur ceramah, unggal aya kasempetan ieu guru ngahaja nyelipkeun humor. Maksudna mah sangkan barudak atawa siswa teu tunduh nalika ngaregepkeun ceramahna. Aya ogé guru anu narikan sora sangkan siswana fokus jeung teu nundutan. Ieu anu disebut taktik atawa gaya.

 

6. MODÉL

Modél pangajaran nyaéta saruntuyan pamarekan, stratégi, métode, téhnik jeung taktik. Modél pangajaran mangrupa frame atawa bungkus tina hasil aplikasi hiji métode, pamarekan jeung téhnik pangajaran. Hartina, modél pangajaran nyaéta sarupaning wanda pangajaran anu ngaruntuy ti mimiti nepika ahir sarta sipatna gumantung ka guru nu mawakeunana.
Bruce Joyce jeung Marsha Weil (Dedi Supriawan jeung A. Benyamin Surasega, 1990) ngabagi modél pangajaran kana 4 kelompok, nyaéta:
a. Modél interaksi sosial
b. Modél pamolahan informasi
c. Modél personal-humanistik
d. Modél modifikasi paripolah

 

Daptar Pustaka:

Hatimah, Ihat. 2012. Pengertian Pendekatan, Strategi, Metode, Teknik, Taktik dan Model. Diaksés dinten Salasa, kaping 16 Séptémber 2019 ngaliwatan: http://file.upi.edu/Direktori/FIP/JUR._PEND._LUAR_SEKOLAH/195404021980112001-IHAT_HATIMAH/Pengertian_Pendekatan%2C_strategi%2C_metode%2C_teknik%2C_taktik_dan.pdf.

Agung, Isma. 2016. Perbedaan Model, Metode, Strategi, Pendekatan, dan Teknik Pembelajaran. Diaksés dinten Salasa, kaping 17 Séptémber 2019 ngaliwatan: http://www.infokemendikbud.web.id/2019/05/perbedaan-model-metode-strategi.html. Isola, Bandung. (Selasa, 17 September 2019)

No comments: