Celempung 


https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/4/48/Gigantoc_pseudoar_151222-0006_kng.JPG/240px-Gigantoc_pseudoar_151222-0006_kng.JPG
Awi gombong / awi Surat

Celempung nyaéta salah sahiji alat musik has Sunda anu baheula mah dianggap sakral ku masarakat téh. Celempung téh kaasup kana waditra (instrumén musik tradisional) nu dijieun tina awi. Sakabéh komponen ieu waditra téh asalna tina awi. Celempung bisa aya soraan téh kusabab aya hinis awi anu ngamangpaatkeun gelombang resonansi nu aya dina sesela dahan awi. Wangun awi nu sok dipaké keur nyieun ieu waditra téh nyaéta awi gombong atawa awi surat nu ukurana sedeng nepika anu badag.


Sabenerna celempung téh mimitina mah nurutan tina icikibung, nyaéta sora kaulinan tradisional nu mangrupa tabeuhan dampal panangan jeung usik siku di luhur cai nepika ngaluarkeun sora-sora anu has. Ieu kaulinan biasana dipaénkeun ku para wanoja anu keur mandi di walungan. Sora-sora tina kaulinan icikibung ieu ditiron jeung dipindahkeun jadi waditra nu ayeuna disebut celempung. Celempung teu boga nada baku, kusabab sora celempung kaluar lamun ditakol pelat beusi atawa awi na jeung hasil sorana gumantung kana kaparigelan nabeuh nu maénna. Dina celempungan, kacapi jeung biola nyaéta alat musik nu pas keur nungtun nada, sabab lamun celempung nyada sosoranganan mah moal mecak. 



https://s0.bukalapak.com/img/034547258/m-1000-1000/IMG20161214124757.jpg
Celempung
Bagian-bagian celempung ngawengku :
1. Sirah, panutup gigir beulah kénca,
2. Pongpok, panutup beulah katuhu,
3. Talingkup, panyambung dua senar,
4. Nawa, minangka liang sora,
5. Baham, minangka tempat ngolah sora,
6. Alur, senar celempung,
7. Tumpangsari, panguat jeung ganjel senar,
8. Kelab, panahan alur.








Cara nyieun celempung kawilang gampang tapi hésé, pangpangna lamun ngatur ukuran resonansi nyaéta kudu bener-bener ngepas jeung ukuran awi na. Cara nyieunna kahiji siapkeun saleunjeur awi gedé (awi gombong) anu umurna geus kolot sangkan teu bubuk atawa beulah. Leunjeuran awi diukur tuluy disebit pikeun dijadikeun senar. Dua senar éta disebutna alur celempung. Dina bagian beungeutna diratakeun jeung dirapihkeun, tuluy geus kitu diliangan. Liang anu dijieun téh dingaranan nawa, gunana pikeun liang hawa anu engkéna jadi liang sora.

Di papalayuna ogé (beulah gigir) dijieun liang deui anu gunana pikeun ngolah sora ku dampal panangan kénca, nu dingaranan baham. Tuluy nu dua leunjeur sebitan awi (alur) tadi téh dihubungkeun maké salembar daging awi nu ukuranana nyaéta panjangna 5-7 cm, mébérna 3-4 cm jeung kandelna 0,5-1 cm. Geus kitu, keur mantengkeun alur anu mimitina kendor nyaéta diganjel ku awi deui nu disebutna tumpangsari. Dina tungtung hareupeun tumpangsari ngabentang alat keur nahan dua alur ambéh teu leupas, ngaran alatna nyaéta kelab. 



Celempung téh kaasup kana waditra nu langka, hususna di daérah Majalengka nu ayeuna mah teu gampang jeung teu bisa padu waé manggihan ieu alat musik téh. Meureun aya gé lamun dina acara pasanggiri atawa aya pintonan seni sastra jeung budaya di sakola, balé désa atawa di alun-alun kota. Ieu waditra kudu dibudayakeun deui, dimasaraktkeun, sangkan dimumulé ku para wargi hususna ku urang Sunda nu aya di Jawa Barat, sabab ieu alat musik téh mangrupa titipan jeung warisan ti buyut urang nu kudu dijaga sarta dimekarkeun. 



***


Referensi :

No comments: