Kacaritakeun, jaman baheula kacamatan Jatiwangi téh ngaranna Wanayasa nu dipingpin ku hiji raja nya éta Arya Jiteng Jatiswara jeung permaisurina Dewi Basrini. Anjeunna dikaruniaan dua urang putra nya éta Raden Anggana Suta jeung Raden Solihin. 

Saenggeus ancurna karajaan Wanayasa, Pangeran Lontang Jaya nu asalna ti katurunan Daeng Mataram nangtungkeun hiji patapaan Tarikolot nu ayeuna aya di wilayah Desa Jatiwangi. Dina sababaraha taun, aya kajadian perang antara Karajaan Sindangkasih jeung bupatina, Pangeran Muhammad, jeung Sumedang nu dipingpin ku Pangeran Suryadilaga. Ahirna Pangeran Suryadilaga nyerah tuluy méré jangji rék masrahkeun tanah sah bandar nu tadina rék di aku jadi wilayah Sumedang. Saenggeus perang para pamingpin balik deui ka daérahna sewang-sewangan. Tapi Raden Anggana Suta mangkat ka patapaan Tarikolot, basa éta Pangeran Lontang Jaya keur melak tangkal jati, tapi nu hirup ngan hiji nu nepi ayeuna aya di sisieun makam keramat atawa sok disebut Buyut Subang nu aya di Desa Surawangi. Saenggeus ngadéngé berita perangna meunang ngalawan Sumedang, Pangeran Lontang Jaya jangji rek ngangkat Raden Anggana Suta keur dijadikeun pangawasa di daérah Wanayasa. Dalem Sumedang ngirimkeun surat ka patapaan Tarikolot keur ditepikeun ka Raden Anggana Suta yen daérah Wanayasa nu geus sababaraha taun dikawasaan rék dibalikkeun deui. Ngeunaan hal éta, Dalem Bantarjati nu dipingpin ku Ki Bagus Rangin méré gelar keur Raden Anggana Suta nya éta Bagus Manuk. Pangéran Lontang Jaya saenggeus meunang surat nu dikirim ku Pangeran Suryadilaga kagoncak haténa pikeun ngarobah ngaran Wanayasa jadi Jatiwangi. Parobahan na dibeunangkeun ti gada pusaka paninggalan Karajaan Wanayasa nu dijieun na tina tangkal jati nu miboga seungit has jeung moal aya nu nandingan seungitna tangkal jati éta téh. Kecap ‘jati’ dicokot ti tangkal jati, sedengkeun ‘wangi’ hartina seungit. Ku kituna, tuluy nepi ayeuna ngaran daérah éta téh nya éta Jatiwangi.

Kacaritakeun ogé yén unggal saha waé jalma nu jadi kuwu atawa kapala desa di Jatiwangi, kudu ngarawat jeung ngabungkus buku pusaka ku lawon bodas nu panjangna 2 méter, maké nyelipkeun ngaran jeung taun kuwu éta diangkat sarta unggal tanggal 1, 15, jeung 30 unggal bulanna kudu nyieun sasajén keur nyuguhan buyut. Ayeuna Jatiwangi téh jadi ngaran kacamatan nu asup kana hiji kabupatén nya éta Kabupaten Majalengka. Jatiwangi teu ngaleungitkeun harti ngaranna nya éta jati nu seungit. Ayeuna nu jadi seuseungit téh produksi kenténgna, tuluy batako sarta taneuhna anu kasebut pisan alus keur olahan seni rupa jeung bisa diulik jadi karya seni samodel nu dijieun ku barudak seni Jatiwangi Art Factory (JAF) nya éta nyieun waditra tina bahan kenténg jeung awi. 

No comments: