TATAKRAMA URANG SUNDA

PARIBASA JEUNG AJÉN-AJÉN PALASIPAHNA


  1. Hadé ku Omong Goréng ku Omong
    Hartina nyaéta yén sagala rupa perkara téh bisa disebut hadé atawa goréng lantaran ku omonganana. Hiji jalma geus bisa katingali hadé goréngna ukur tina omonganana. Dina ieu paribasa, nyangkaruk salah sahiji ajén palasipah nyaéta yén urang Sunda dina tutur kata atawa cara ngomongna geus di atur dina undak-usuk basa. Basa loma, basa lemes keur sorangan, jeung basa lemes keur batur téh bisa jadi patok pikeun nyirikeun hadé atawa goréngna salah sahiji urang Sunda nyaéta dina cara ngomongna. Contona aya urang Cianjur nu ngomongna maké basa kasar ka saluhureun atawa ka kolot bari jeung duanana euweuh nu wanoh saacanna, geus bisa kaciri éta jalma téh goréng adat. Sanajan urang basisir, sanajan anak nu teu mampuh, lamun boga sipat nu hadé mah ngomongna ogé bakal alus. Tapi ieu teu bisa jadi patokan lamun ningali kana letak geografi, kultur sarta kabiasaan lingkunganana.

  2. Basa mah Teu Meuli
    Kusabab basa mah henteu meuli, hartina lamun urang hayang ngaluarkeun basa teu kudu ngaluarkeun duit. Ajén palasipahna lamun dipakaitkeun jeung kahirupan mahasiswa nyaéta urang téh sing bisa aktif, boh di kelas atawa di lingkungan masarakat. Kudu sering dipaké nu ngarana basa téh, lantaran jalma nu boga basa nyaéta jalma nu boga darajat leuwih luhur ti batan sato. Hartina dina maké basa, urang téh tong padu waé ogé. Lain abong pédah basa mah da teu meuli jadi maké na ogé kumaha karep, éta hal dipahing pisan ku sabab létah mah leuwih seukeut ti batan silét. Urang kudu loba diajar basa, tong ukur diajar basa-basa asing, tapi diajar ogé cara maké basa nu bener luyu jeung kaayaan atawa kahirupan nu disanghareupan ku urang.

  3. Hadé Tata Hadé Basa
    Hartina nyaéta hadé tingkah laku jeung hadé omongan. Jalma nu alus dina paripolahna, can tangtu alus dina omonganana. Kitu deui sabalikna, yén basa hiji jalma henteu nangtukeun alus atau goréng paripolahna, lantaran paripolah jeung basa nu hadé téh sipatna relatif. Sipat santun nu di piboga ku urang Sunda can tangtu katingal alus ceuk urang Jepang, lantaran kabiasaan, budaya, sarta kultur diditu teu sarua jeung nu aya di Sunda. Urang Sunda meunteun omongan atawa tata basana urang Batak mah cenah meni kasar, kerung sarta sesentak waé. Padahal di Sumatera na mah biasa waé cara ngomong urang Batak téh da émang kabiasaan sarta budayana kitu béda jeung budaya nu aya di Sunda nu sipatna leuwih nyoko kana lemah lembut, lalaunan, seuri jeung aléwoh.

  4. Hadé Gogog Hadé Tagog
    Hartina nyaéta alus dina omonganana jeung alus ogé dina paripolahna. Dina ieu hal, étika lain saukur keur éstétika, bisa ogé keur mawa diri, nungtun kana kabeneran dimimitian ku basa nu hadé atawa omongan nu alus tuluy migawé hal-hal anu bener sarta luyu jeung tatakrama sarta kasopanan. Biasana lamun jalma hadé gogogna hadé tagogna bakal loba batur nu mikaresep. Lamun dipakaitkeun jeung agama, umat muslim miboga patokan yén nu hadé gogog hadé tagog téh nyaéta nu luyu jeung Nabi Muhammad saw., boh dina tata basana atawa dina paripolahna nu kawentar jadi tauladan nomor hiji keur umat muslim. Lamun hadé gogog hadé tagogna urang Sunda mah nyaéta luyu kana adat istiadat, tuhu kana aturan nu hirup di masarakatna atau di lingkungan Sunda wungkul, sarta nuturkeun tatakrama, kasopanan sarta kapribadian urang Sunda nu aya. Etika urang Sunda béda jauh jeung étika urang barat lantaran nu jadi patokan dina hadé gogog hadé tagogna ogé béda.

  5. Hawara Biwir
    Hartina sok bébéja ka batur saacan dipigawé atawa nyarita hal-hal anu can pasti. Jalma nu hawara biwir téh nyaéta jalma nu sok ngomong kab atur atawa nyarita hiji hal tapi éta hal téh can puguh ayana, can puguh kajadianna, jeung can pasti dipigawé. Urang téh sing bisa ngajaga omongan jeung ngajaga paripolah. Lamun urang can tangtu bisa ngagawéan pancén ti dosén, ulah waka wawar ka batur yén manéhna geus bisa ngagawéan éta pancén téh. Lamun dipakaitkeun jeung élmu agama, urang salaku umat muslim kudu bisa mawa diri sangkan miboga rasa toleransi anu luhur. Contona dina solat, aya sababaraha golongan anu dina solatna curukna di oyag-oyag pas tahiyat ahir. Urang ulah nganggap éta hal téh salah, komo deui ngabéja-béjakeun kab atur yén jalma nu solatna jiga kitu téh teu bener padahal jalma nu ngawawarkeun téh can apal kabeneranana. Tidinya urang bisa ngala ajén-ajén palasipah yén urang téh ulah sagawayah dina ngomong, komo ngomongkeun batur ka batur deui mah ulah padu waé lantaran hasilna bisa beurat pisan lamun aya kasalahan dina omongan urang téh.

  6. Biwir Teu Diwengku Létah
    Hartina teu madungdengkeun atawa teu tinimbang heula dina nyarita jeung ngomong. Jalma nu kieu biasana sok kapanggih dina acara komedi spontan, lamun ngomong téh padu baé ceplos teu disaring deui ku uteuk. Ajén palasipahna nyaéta urang ulah padu waé ngomong, kudu ngeusi sagala rupa basa nu kaluar téh lantaran omongan nu goréng bisa nganyenyeri batur leuwih ti neunggeul tulang irungna. Hiji kecap anu teu merenah bisa mangaruhan sipat batur ka urang dina poé kahareupna.

  7. Mipit Kudu Amit Ngala Kudu Ménta
    Hartina lamun rék barangcokot atawa barangala téh kudu bébéja heula ka nu bogana. Lamun jalma nyokot atawa ngala buah nu ngagolér di sisi jalan lantaran murag ti tangkalna tapi tangkalna téh nu tatanggana, dicokot waé bari jeung teu ngomong heula éta téh geus kaasup maling. Ku sabab nanaon gé kudu maké basa, lamun rék barangcokot ngomong heula atawa ménta widi ka nu bogana.

  8. Bodo Aléwoh
    Bodo aléwoh hartina kurang pangarti tapi daék tatanya. Ajén palasipahna nyaéta jalma mah kudu loba tatanya ka batur, kudu loba gaul jeung batur, lantaran jalma bodo lahir tina kabiasaanana sarta lingkungan nu dicicingan ku manéhna. Jalma bodo tapi sering tatanya, sering ngobrol jeung sok diskusi bakal pinter kahareupna. Intina urang téh ulah cicing waé lamun hayang hirup ngeunah nya kudu usaha, lamun hayang pinter nya lobakeun diajar, lamun hayang beunghar nya sing getol ngala duit.

  9. Dibeuweung Diutahkeun
    Hartina nyaéta sagala rupa hal kudu dipikiran heula sing asak. Urang téh kudu bisa nahan emosi jeung kahayang nu maksa, lantaran nanaon nu dipigawé ku buru-buru mah hasilna ogé teu nyugemakeun. Lamun rék migawé hiji hal, pikiran heula bulak-balik, tuluy dipikiran nepika beunang kalangkang akibat alus goréngna engké kahareupna.

  10. Sabedug Sakali
    Paribasa sabedug sakali hartina nyaéta jarang pisan. Lamun ngomongna sabedug sakali hartina tara ngomong. Ajén palasipahna nyaéta urang téh kudu getol solat, hususna solat wajib nu lima waktu. Ulah sabedug sakali solat mah da étamah urusanana jeung kahirupan ahirat.

  11. Malapah Gedang
    Hartina nyaéta basa-basi. Urang Sunda miboga sipat anu has, nyaéta malapah gedang. Lamun rék ulin naék beus tuluy diuk gigireun batur, biasana urang Sunda mah sok aléwoh, tatanya nu teh pati penting sangkan bisa wanoh atawa nyieun suasana anu cair, teh tiiseun tur teh panaseun ogé. Ieu hal sok disebut basa-basi, nu engkéna bisa leuwih deukeut jeung leuwih jero dina téma omonganana. Ajén palasipahna nyaéta urang Sunda miboga cara nu sopan jeung hadé pikeun wawanohan jeung batur, nyaéta ku cara basa-basi heula, jadi teh langsung ngomong ka intina nu bisa nimbulkeun respon teh merenah keur lawan pawicarana.

Tidak ada komentar: