Tugu Bola Dunia Majalengka, Bunderan Munjul, Universal Studio Majalengka

Gambar di luhur mangrupa salah sahiji tugu nu aya di Majalengka, Jawa Barat. Wangunna sarupa jeung Bola Dunia Universal Studio nu aya di Singapura. Ngan bédana ieu mah make aksara "Majalengka Raharja" minangka visi Majalengka. Ieu tugu diresmikeun taun 2019 jaman kabupatian  Karna Sobahi.

Asalna mah nu nyongclo di tengah-tengah bunderan Munjul téh nyaéta patung lauk anu jadi pancuran, sarta harurung lampu tingkerelip saupama nincak wanci peuting. Biasana ogé sok aya barudak laleutik anu ulin dina cai pancoranana. Kiwari éta geus robah, ayeuna mah dikurilingan ku pager wesi. Barudak pindah arulin ka gigireunana, aya taman nu anyar dijieun ngaréndéng jeung taman Dirgantara, anu aya kapal udara nyongclo di tengah-tengah nyorong ka kulon. Sabada PSBB (Pembatasan Sosial Berskala Besar) ditutup, masarakat bisa ulin deui di dieu saupama ngaliwat ti Kadipaten ka alun-alun Majalengka atawa arah sabalikna.


Tugu Bola Dunia Majalengka, Bunderan Munjul, Universal Studio Majalengka, Tugu Cigasong, Tugu Majalengka

No comments: