Bloomfield & Franz Boas


Linguistik struktural, nyaéta studi basa ngaliwatan panalungtikan jeung déskripsi kana urut dasarna jeung hubungan unit-unit nu sarua nu dimulai basa bijilna élmu tata basa Sanskrit ti Panini (300 SM). Ieu karya dipikawanoh di barat nepi abad ka-18.

Landasan linguistik struktural modern diwangun ahir abad ka-19 ku Jan Baudouin de Courtenay, guru ti Swiss. Baudouin gawé bareng jeung mahasiswana (nu engkéna ngagantikeun Baudouin di Kazan), Mikolaj Kruszewski nu neuleuman ngeunaan sistem unit dasar tina sora (phonology) jeung wangun (morphology) nu nyokot kakuatan infromatifna tina fakta patentangan unit hiji jeung nu lianna.

Di Kazan ieu istilah fonem jeung morfem pangmimitina dipaké dina wangenan nu ayeuna dipikawanoh. Saussure nu karya-karyana dipikawanoh di Kazan, gawé dina tujuan nu sarua sanajan Saussure teu bisa basa Rusia atawa polandia, ngeunaan gagasanna ti Kazan dibawa ngaliwatan panerjemah basa Jerman tina karya-karya Kruszewski. Pelajaran kuliahna Saussure dipedarkeun ku mahasiswana sababaraha taun sabada Kruszewski pupus.

Baudouin de Cortenay medarkeun unit-unit fonologi jeung morfem pikeun konstruksi mental, tuluy leupas ti kelompok strukturalis utama, nu dipingpin ku Edward Sapir jeung Leonard Bloomfield di Amerika jeung N.S. Trubetzkoy, Roman Jakobson jeung L.V. Shcherba di Eropah. Shcherba hirup di Uni Soviet, sedengkeun Trubetzkoy (ti Vienna) jeung Jakobson miluan ngawangun Lingkaran Prague pikeun ngajembarkeun linguistik struktural jeung ngaasupkeun studi sastra struktural.

Cabang tina Lingkaran Prague nyaéta Lingkaran Copenhagen, jeung tokohna nu kawéntar nyaéta Louis Hielmsley jeung Hans Uldall. Aliran linguistik Amerika nu dimimitian ku Franz Boas jeung dimekarkeun ku Leonard Bloomfield ieu miboga rupa-rupa tulisan saperti:
1) Aliran Struktural Amerika,
2) Aliran Derkriptif,
3) Aliran Behaviorisme, sarta
4) Aliran Distribusional.

Téori mimiti Bloomfield nyaéta nguraikeun sacara eksplisit métode-métode nu pas jang ngastukturkeun wangun basa. Tiori tagmémik mangrupa hiji sistim analisi nu utama dina linguistik modéren nu miboga ciri ilmiah nyaéa maké métodeu empirik, intelegén, éksak tur obyéktif.

No comments: