Paguneman atawa dina Bahasa Indonesia hartina "percakapan", nya éta kagiatan ngobrol anu umumna dilakukeun antara dua jalma atawa leuwih (dialog), nu hiji minangka pawicara (speaker) nu séjénna minangka pangrungu (audiens).


Sangkan leuwih ngarti, ieu aya conto narasi anu bisa dijadikeun wangun paguneman:

Dewi rek ulang tahun, ngondang Rina hanjakal Rina moal bisa hadir lantaran waktuna bentrok jeung acara kulawarga di imahna.


Conto paguneman tina kalimah di luhur nya éta saperti kieu:


Dewi

:

Rinaa!!

Rina

:

Eh, Dewi. Kunaon sura-seuri? Meni asa teu biasana. (héran)

Dewi

:

Na, enjing Dewi téh ulang tahun!

Rina

:

Hah? Serius?

Dewi

:

Muhun, Rina mah meni hilap ih. Ké énjing diantos di rorompok Dewi saatos magrib nya.

Rina

:

Euleuh, punten pisan ih Rina mah moal tiasa ngiring. Kaleresan énjing téh badé aya acara tahlilan, tujuhna Uyut. Janten bentrok waktosna.

Dewi

:

Yaah.. kumaha atuh, Na? (sedih tur hanjakal)

Rina

:

Maap nya, Dew. (milu sedih)

No comments: