Judul:
Geber-geber Hihid Aing
Karya: Wahyu Wibisana
Panerbit: Pelita Masa - Bandung
Taun: 1976
Kandel: 90 kaca
Resensi Maca
Saperti dina sampul bukuna
ditulis 'purna drama', ieu buku téh mangrupa kumpulan drama Sunda karya Wahyu
Wibisana. Eusina aya 7 carita, kahiji aya Geber-geber hihid aing, ieu
ogé nu jadi judul buku. Kadua Budak leutik bisa ngapung, sok sarua jeung
rumpaka dina pupuh kinanti. Katilu Sangirik-irik kijing, nu kaopat aya Hiji,
dua, tilu.. Gajleng, kalima Seuhah lata-lata, kagenep aya Sakadang
ténggék, jeung nu katujuh nyaéta Nini Antéh.
Sabab ieu
carita dituliskeunna dina wangun drama, tangtu aya monolog, dialog, jeung atawa
unsur-unsur drama. Contona dina carita Geber-geber hihid aing, aya monolog
budak lalaki nu keur ngageberan adi awéwéna nyaéta “geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan, titinggal Nini awaking…” Éta hihid digeberkeun ka adina
nu nangkarak geus teu paya lantaran nyasab di leuweung, teu bisa balik. Teuing
maot, teuing pingsan. Dina gunemna, tuluy ditembalan rampak sora “kerenyed
pingpingna, hirup…”
Dumasar kana eusina, sanajan geus heubeul tapi caritana hadé pisan jeung ieu buku téh bisa dipaké pikeun média pangajaran atawa jadi bahan bacaan kaasup barudak rumaja nu aya di bangku SMP jeung SMA.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar