Rumpaka atawa lirik dina sawér pangantén béda jeung rumpaka sawér lianna, saperti sawér orok atawa sawér khitanan.


Conto rumpaka sawér pangantén:

BUBUKA (ASMARANDANA)

Sim kuring badé permisi
Ka sadaya nu mayunan
Badé nyelang heula nyawér
Saméméh ngersakeun tuang
Rék metakeun karasménan
Galib talari karuhun
Metakeun sakur piwulang

Metik tina lahir alim
Nulad pituah pandita
Dinadomkeun Sunda écés
Puguh piluangeunana
Mangga sugana lumayan
Aya nu suka ngadangu
Tah kieu ieu anggelna

Pribadi nu jadi wakil
Ngawakil saur ramana
Mituturan ka pangantén
Ka Nyai reujeung ka Ujang
Élmuna kasalametan
Supaya mulus rahayu
Diwuwuhan Iman-Islam


EUSI

Rarépéh pameget istri
Ieu rék ngawuruk putri
Piwuruk terus jeung santri
Sugan jadi pamatri

Kuring isin mah kantenan
Ku sadaya nu mayunan
Disebutkeun nanaonan
Ngalilakeun amatanann

Tapi neda sukalilah
Da ieu rék nyawér heula
Nyukakeun pada kaula
Sakieu mah moal lila

Ngahaleuangkeun sakieu mah
Padamelan nu di imah
Mokaha da lain cumah
Ngalap ganjaran walimah

Ulah kapalang nya saé
Urang tara unggal poé
Di dieu nya kieu gawé
Ngan saayeunaeun baé

Jeung ieu ucap-ucapan
Lain heureuy karesepan
Lamun leukeun ngalantipan
Hasilna antep-antepan

Pulunganeun kolot ngora
Beunang ngabanding jeung rasa
Keur méréskeun ka salira
Peupeurih ngahaja tara

Panteg buret ngadangukeun
Bawaning teu kersa leukeun
Curuk baé didumpelkeun
Kana cepil téh cocokeun

Ya Allah anu kawasa
Nu maparin ni’mat rasa
Muga ieu paribasa
Nyangsang ka ati manusa

Agung-agung pangapunten
Ka panganten nu saranten
Arimankeun ku maranten
Pitutur hasil teu kinten

Bisi tacan pada harti
Anu kurénan téh pasti
Nimuna lulus tarapti
Kudu sili beuli ati

Tineung ulah pasalia
Sing sapagodos waluya
Lamunan pakia-kia
Nya lindeuk paséa téa

Najan aya kajegudan
Kurénan mun pacengkadan
Jadi kurang ni’mat badan
Sundel ku silih baeudan

Taya bayana nu runtut
Tineung samiuk sapatut
Rejeki nuturkeun nungtut
Moal datang ngaburusut

Mun istri aya luputna
Nu pameget sing darana
Mun pameget pareng hina
Nu istri kudu wayahna

Hiap ka dieu istrina
Urang wuruk pangheulana
Nyai sing hadé tampana
Wuruk ibu ambrih sirna

Lamun nyai barang-bikeun
Anu patut diragemkeun
Kadé ulah disidemkeun
Méméh sok kudu béjakeun

Ambrih ku nu dibéréna
Dialuskeun duanana
Carogé raos manahna
Malik ka nyai asihna

Mun diarah dibongohna
Carogé moal ngeunaheun
Handeueul ku mamanahan
Pantes ogé deuk geuleuheun

Mana lamun barang béré
Kaya mikeun samping paré
Salaki teu dipaliré
Lain salah joré-joré

Sanajan méré ka indung
Mun méré sumput salindung
Tangtu salaki téh pundung
Sok loba nu sili tundung

Lain owel ku méréna
Ngan ku ngabongohanana
Ngan hayang alus manéhnna
Salaki tetep goréngna

Ku étéh mah geus kamanah
Dimana pameget genah
Kagungan garwa karinah
Melid téh sasat mitenah

Sakitu étéh ngingetan
Étéh mah gaduh panutan
Teu ngarasa disengitan
Tara nyieun kapelitan

Lengus angkuh ulah pisan
Ka carogé ulah lisan
Songong teu daék babasan
Matak nungtut kaapesan

Sumawona kedang-keding
Jeung pelesir gandang-ginding
Pipidangan maké pending
Carogé jadi paminding

Ngicis geulis wara-wiri
Bari cengar-cengir seuri
Keupatna téh nganan-ngiri
Ieu aing widadari

Lain ngamanah kasusah
Ngan mikir kembang jeung lisah
Kajeun tikoro teu basah
Nu kitu téréh dipisah

Geulis hanteu ngan panyari
Najan jiga katumbiri
Keuna luntur ku kanyeri
Cara biasa sasari

Kapan loba istri geulis
Jadi ladag siga iblis
Keuna ku panyakit huis
Geulisna laleungit ledis

Lain cara geulis ati
Kasipuh rupa raspati
Ka carogé téh ngabakti
Lila-lila jadi mukti

Éta istri nu utama
Ku Pangéran ditarima
Ku baraya diupama
Lahir batinna disugema

Sareng ulah sok ngalawan
Jeung carogé papaduan
Témbong ku nu saguruan
Sumawonna timburuan

Adat timburuan téa
Sok lingas sanak baraya
Carogé teu dipercaya
Teu meunang rék walakaya

Sapopoé ngadederuk
Henteu meunang uprak-apruk
Nyiar rijki tambah ngangkruk
Ahirna ngéjo cangkaruk

Kudu nurut kapitutur
Sangkan kaimpungan batur
Sabab manéh mah teu tutur
Lumaku teu mawa batur

Lamun manéh aya niat
Upama teu boga rakyat
Sok luput sagala niat
Sabab ku manéh teu kuat

Reujeung lamun pareng aya
Tatamu sanak baraya
Nyai téh kudu sadia
Suguhan saaya-aya

Sarta kudu geura-geura
Sampeurkeun reujeung gumbira
Semu suka sing katara
Sangkan carogé teu éra

Istri sing anteng di bumi
Mulus banda masing gemi
Supaya carogé resmi
Dipercaya salalami

Lamun kitu runtut rapih
Sanajan ais pangampih
Suka sarumping maripih
Pada mawa bungkus upih

Dieusi saaya-aya
Tanda melang ka baraya
Lantaran anu satia
Babalesna tangtu mulya

Reujeung Nyai kudu boga
Keur ngaraksa kana raga
Supaya aya harega
Di ahir nampa sawarga

Nya éta boga mukena
Keur ngangkat kana dirina
Ngalakonan agamana
Tangtos naék darajatna

Ibadah téh jeung amalna
Tangtu aya karasana
Di dunya reujeung batinna
Ni’matna kabina-bina

Reujeung kana papakéan
Ulah sok resep makéan
Saayana dipakéan
Ku duméh dipakéan

Inget engké lamun aya
Tatangga sanak baraya
Boga niat rék karya
Baju weuteuh henteu aya

Ingetkeun masing gumati
Catet tina jero ati
Kudu pisan ati-ati
Laku lampah masing titi

Mugi dianggap pamatri
Manéh téh sing pageuh nyantri
Malah mandar jadi mantri
Sing pageuh panata istri

Geus tamat wuruk istrina
Hiap kari pamegetna
Euleuh-euleuh bet teu nyana
Keur kasép tetep salatna

Cik ama méréan luang
Tapi ngan omongan doang
Da ama teu boga uang
Nyaah mah saawang-awang

Radén sing harti kacida
Radén ka pengker ngaduda
Ayeuna mah kudu béda
Boga kabeungbeurat dada

Ulah sok resep lalajo
Angguran mah asih ponyo
Boga duit meuli polo
Komo mun resep domino

Ari kahiji perkara
Pameget kudu gumbira
Sangkan ulah kasangsara
Élingkeun urang pamitra

Sing tanginas nyaring manah
Ulah kajongjonan ngeunah
Kudu leukeun ngolah tanah
Tuncab-tanceb anu ngeunah

Miara garwa sing saé
Ulah tiis-tiis jahé
Temahna jadi teu saé
Matak kosong bumi réhé

Sapanjang suka nya matuh
Sing terang di pangabutuh
Radén jeung garwa sing lintuh
Genténg-genténg ulah runtuh

Kilangbara nyukup sepuh
Manéh baé masing mampuh
Da ama mah tacan ripuh
Masih kénéh jagjag timpuh

Montong loba nu dicekel
Pigeusaneun loba bekel
Ngan kudu temen jeung wekel
Sumawon tambah pertikel

Naon baé bibirintik
Ngarah sautak-saeutik
Mibit hayam mibit itik
Keur meuli poléng jeung batik

Ari lampah jeung mertua
Saméméh tacan sawawa
Kudu saraga sanyawa
Ulah sok asa jeung boa

Papageran pakarangan
Kurad-koréd ngalénangan
Sing boga pikir sorangan
Montong ngantos piwarangan

Masing berag ulah kumpé
Kolot boga lahan nampeu
Ulah arék apa-eupeu
Habek pelakan ku sampeu

Éta lain pisan heureuy
Melak jaat meureun raweuy
Melak roay meureun ngareuy
Meureun katuang kateureuy

Da lumrah urang dieu mah
Kudu leukeun ngolah lemah
Pigeusaneun pageuh imah
Bisa nyuguhan ka sémah

Ka bojo kudu nyukakeun
Ulah kumaki ngapeskeun
Ngahaja sok nyapirakeun
Sok malik matak nyusahkeun

Nya tindak kudu jeung saréh
Mawa ngomong kudu ranéh
Barang pénta masing rinéh
Ambéh lulus diri manéh

Ulah barangasan nyogok
Sautak-saeutik haok
Temahna sok matak kagok
Matak kapongpong mogok

Samangsa bojo ngabigeug
Urang gé tangtu sumigeug
Hayang sambel gé ngaligeug
Top coét kosong euleugeug

Saniskara pacabakan
Da kudu jeung pamajikan
Anu ngurus baranghakan
Nu meta ngéjo ngisikan

Bangsa urang leuleutikan
Lamun boga mimilikan
Terangkeun ka pamajikan
Ulah salingkuh tiktikan

Ka garwa mun korét pelit
Tangtu garwa téh nyungkelit
Manan nurut anggur sulit
Temahna ngalawan pelit

Jadi masing ijén-ijén
Ngupat eujeung lalaki séjén
Anu tuluy beberenjén
Ka urang jadi teu ngajén

Tah kitu bisi teu nyaho
Tungtungna sili dodoho
Mana kadé ulah poho
Kudu bawa sakanyaho

Da asup kana pituah
Bojo téh papatih goah
Nu ngolahkeun baris kuah
Urang raja nu ngabawah

Jeung ulah sok nganyenyeri
Kudu sili beuli diri
Saleuheung jeung rijki keti
Ngan mun midua janari

Mun geus daék mangrucahkeun
Ka diri manéh eunteupkeun
Mun manéh dipanduakeun
Ati manéh ditangtukeun

Nyerina kabina-bina
Peurih taya papadana
Isteri gé taya bédana
Sing inget di sakituna

Jeung lamun hayang nyerahkeun
Ulah gancang diturutkeun
Kudu ditahan reureuhkeun
Béakeun beuweung utahkeun

Mun rusuh matak teu saé
Bisi ngan gogoda baé
Ahirna kaduhung baé
Ngalenggérék samar gawé

Nu awon ulah disorang
Sagala anu dilarang
Jalma sieun ku wiwirang
Ahirna taya kakurang

Anu ngedul mamalana
Tinangtu susah hirupna
Pugag sagala karepna
Moal aya kabecusna

Ka garwa sing saé pisan
Manis budi lemes pisan
Huak-haok ulah pisan
Komo kereng barangasan

Ulah raos anjeun wenang
Milampah sawenang-wenang
Henteu nimbang ambrih senang
Sok matak ngabarungsinang

Mun garwa teu mangarti
Salah lampah kurang titi
Mudu wuruk sing gumati
Ulah matak poék ati

Lamun garwa dikerengan
Disentak jeung dipencrongan
Sok bingung kokoloyongan
Bari ceurik gegeroan

Sagala lampahna pugag
Digawé ngan ukur agag
Inggis salah sok dipaak
Ahirna sieun dicegag

Élingkeun istri téh sempit
Haténa teu cara lampit
Bisa mébér beurang peuting
Teu kaop nyandang rurumpit

Sok babari leumpeuh yuni
Keungit daya jeung wawani
Wani midang di nu buni
Ngomong ogé henteu wani

Lamun napsu téh diumbar
Tinangtu sagala lubar
Ditinggal baruntak bubar
Putra garwa tingsalebar

Pameget téh kudu pengkuh
Supaya duriat kukuh
Ka garwa sok matak teguh
Supaya jadi lalintuh

Anu nyandung henteu matak
Sugema mapalang taktak
Anggur matak sili sentak
Ribut kilir sili tongtak

Tengah peuting jejeritan
Teu éling dikapangkatan
Géhgér pada ngadeukeutan
Ahirna téh pepegatan

Lara wirangna karasa
Éta kitu nu biasa
Leungit harkat pangawasa
Manah gumeter nalangsa

Garwa mah saé sorangan
Ngolahkeun barang dagangan
Taya catur kekerengan
Lulus mulus reureujeungan

Runtut rapih salawasna
Pada narima kadarna
Lara bagja ogé sirna
Taya pacengkadanana

Kudu ngamanah wawadi
Sing nimbang awak pribadi
Ulah napsu teu jeung budi
Bisi narajang kabadi

Lain kabadi ku iblis
Kabadi ku nu laluis
Garwa hiji henteu kalis
Rayungan teu nurut tulis

Salian ti lampah éta
Pameget kudu sing beunta
Ihtiar néangan harta
Sakuat-kuat sing meta

Naon nu kirang kawasa
Jalankeun sabisa-bisa
Ulah mikir juru basa
Sangkan sandang pangan rosa

Bisa cukup nganapkahan
Putra garwa kasepuhan
Ulah sangeuk kawegahan
Sing inget kana bubuhan

Manusa wajib ihtiar
Sandang pangan téh disiar
Ulah sangeuk balangsiar
Bisina matak kasasar

Éta piwejang sakitu
Élingkeun masing saéstu
Insya Allah engké tangtu
Wilujeng saanak putu

Élingkeun masingna lambat
Teundeun dina jero babat
Cegah nu dua martabat
Hiji-hijina disebat

Hiji ulah maén kartu
Éta dilarang ku Ratu
Anggur mah meuli sapatu
Maké emas dina huntu

Dua ulah maén dadu
Éta nu dicegah kudu
Matak luput jadi wudu
Tungtungna sok jadi medu

Ari nu dicegah téa
Lampah adat maén téa
Matak béak nya pakaya
Nganjuk taya nu mercaya

Ahirna jadi bahaya
Leungit akal taya daya
Tungtungna téh ngabuaya
Peupeusna jadi badaya

Geus séép wuruk dikirab
Ngan kari ngadu’a Arab
Istri pameget dirarab
Tapi montong basa Arab

Ya Allah nu sipat getén
Nu ngandum rijki tulatén
Sadaya mahluk katitén
Abdi nyanggakeun pangantén

Gelarna di alam dunya
Sing jauh balai-bahaya
Sing katurut ku pakaya
Bisa nulung ka baraya

Lamun ngalampahkeun dagang
Muga dipaparin senggang
Bisa neundeun bati dagang
Kuat nulung ka nu anggang

Layeut salaki jeung bojo
Masing bur beureum bur héjo
Loba ketan loba kéjo
Kolotna sing ngeunah nénjo

Sugih mukti loba milik
Bisa ngahormat nu calik
Teu kurang usum paceklik
Kuat mekelan nu balik

Hadé budi ka pangampih
Jeung tatangga runtut rapih
Ka nu dengki bisa nyapih
Badéga lalintuh rempih

Muga sing kuat ngiriman
Ka sepuh nu asal héman
Muga tetep ka Islaman
Maot muga mawa Iman

Kuring nyawér téh geus capé
Ngan sakitu nya ngajampé
Sugan sakitu gé sampé
Lumayan keur bari kopé

Ongkoh lamun papanjangan
Ieu isin ku ondangan
Bilih badé pelesiran
Dinten ieu saé pisan

Piwejang sedeng ngarandeg
Idangan geus ngalideg
Pangantén keseleun ngadeg
Sakieu capé balideg

Mangga atuh pribumi
Ieu pangantén geus lami
Geura calikeun ka bumi
Dina amparan nu resmi


PANUTUP (KINANTI)

Jagong tuhur beunang ngunun

Dunungan bagéa sumping

Cikur jangkung pamuraan

Anaking paralay teuing

Tutut gunung kéong reuma

Sumangga geura gék calik


Conto sawér pangantén maké tembang macapat:

KINANTI

Pun sampun amit paralun
Ka batara ka batari
Nu di luhur nu di handap
Nu ngageugeuh bumi langit
Nu ngajaring beurang-peuting
Di buana panca-tengah

Kaula amit paralun
Nitiskeun kandungan ati
Medarkeun kandungan rasa
Marépéhan hirup hurip
Papaés pamageuh rasa
Pamungkas aci birahi

Neda agung nya tawakup
Hampura anu caralik
Darana dagoan heula
Mokaha kesel saeutik
Regepkeun ku sadayana
Sepuh-anom ménak-kuring

Seja ngaturkeun piwuruk
Kawiatan ku pribumi
Ngagentén ibu ramana
Heulakeun pangantén istri
Nyai eulis kembang soca
Tekanan beurang jeung peuting

Ka carogé masing tuhu
Mipangéran lahir batin
Turut sugri paréntahna
Singkiran sungkan sukingki
Peupeujeuh rék ngabatuah
Bisi kasibat kabadi

Sing jauh tina salingkuh
Malar jadi resep rapih
Ka sanak kadang sing jembar
Miasih ka kulawargi
Bakti hormat jeung tilawat
Ulah kendat masing meujit

Runtut jeung batur salembur
Rapih jeung saeusi bumi
Welas manah ka sasama
Papagon dawuhan Nabi
Malar natrat nugrahana
Karamat Agama Suci

Payung jembar rahayu
Pipilis pamager sari
Pageuh galih katajian
Taji awit laki rabi
Hiap kari pamegetna
Agus pepelenging ati

Datang uga cunduk waktu
Katitih katarik tulis
Ujang dikawasa murba
Nangtayungan beurang peuting
Wajib mangku ngasuh garwa
Mikadeudeuh ngaping-ngaping

Ka garwa sing asak ma’lum
Pangger mageuhan kadali
Lamun garwa pareng salah
Wurukan ku budi manis
Ulah dohoak disentak
Bisi mangpaung muringis

Pameget sing kukuh pengkuh
Ulah lamo ngumbar biwir
Sakedak-sakedik talak
Bisi kaduhung di ahir
Harempoy ngarumanggasay
Lumpuh dipeureuh kapeurih

Kudu émut ka pitutur
Titisan pancuran awit
Urang tedak Pajajaran
Jajar bojo jeung salaki
Dayeuhna Galih Pakuan
Paku pageuh galih asih

Mapan ratuna kaceluk
Kawétar Sang Siliwangi
Silih asih samistina
Calik jajar paku aji
Jajar-jajar teka reuay
Titisan jatining asih

Nuwun mundur ti cumatur
Panjang mun tetek diwincik
Seutik tiba patrina
Jadi tumbaling paripih
Bisi kesel nu ngantosan
Sumangga geura lalinggih


SUMBER:

Prawira Soeganda, R. Akip. (1982). Upacara Adat di Pasundan. Sumur Bandung

No comments: